Empat Lagu Injil Sunda.mp3 - podcast episode cover

Episode description

Four Sundanese Gospel Songs.mp3 // 1 KORINTA 15 1 Sim kuring rek ngingetkeun aranjeun kana Injil Kasalametan, anu diwartakeun ku sim kuring, anu ku aranjeun geus ditarima jeung dipercaya enya-enya. 2 Eta warta anu diajarkeun ka aranjeun teh nya eta Injil Kasalametan. Upama aranjeun teguh kana eta hal, tangtu salamet. Kajaba lamun ceuk aranjeun taya gunana percaya. 3 Hal anu katampa ku sim kuring teh diwartakeunana ka aranjeun sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci, pangpangna hal pupusna Kristus ku karana dosa urang. 4 hal dikurebkeuna-Na, hal dihirupkeuna-Na deui sanggeus tilu poe pupus sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci, 5 hal nembongana-Na ka Petrus, hal nembongana-Na ka dua belas rasul, 6 hal nembongana-Na ka anu sok ngariring ka Anjeunna, sakali jadi ka anu reana leuwih ti lima ratus urang, anu nepi ka ayeuna aya anu harirup keneh, aya anu geus maraot; 7 hal nembongana-Na ka Yakobus, jeung hal nembongana-Na deui ka dua belas rasul. 8 Pangahirna nembongan ka sim kuring, sanajan sim kuring teh lir jelema anu dijurukeunana mahiwal. 9 Di antara rasul-rasul, sim kuring rumasa panghandapna, lantaran tadina jadi tukang nganiaya jamaah Allah. 10 Bisa jadi saperti ayeuna oge ngan ku karana rahmat Allah. Rahmat Mantenna ku sim kuring henteu ditatambuh. Malah sim kuring mah ngalakonan pagawean rasul teh leuwih getol ti batan rasul-rasul sejen. Tapi bisa kitu soteh ngan ku karana rahmat Allah keneh anu nyarengan sim kuring dina pagawean. 11 Aranjeun ayeuna geus percaya, teu jadi sual anu ngawawarkeunana mah, boh sim kuring, boh rasul-rasul sejen. 12
Empat Lagu Injil Sunda.mp3 | "Firman Hidup", "Kabar Baik" dan "Lagu Injil" - Di Indonesia Bahasa, Dialek dan Bahasa Ethnis. / "Words of Life", "Good News" and "Gospel Songs" - In Indonesia Language, Dialects and Ethnic Languages. podcast - Listen or read transcript on Metacast